2 Timoteus 2
Sing kuat anaking, da urang teh geus meunang rahmat ku jalan ngahiji jeung Yesus Kristus.
Pangajaran anu ku hidep kadenge tina embaran bapa ka jalma rea tea, percayakeun ka jelema anu bisa diandelkeun, sina diajarkeun ku manehna ka nu sejen.
Hidep kudu jadi prajurit Yesus Kristus anu satia, anu henteu jejerih sieun sangsara.
Prajurit anu hayang nyenangkeun hate kapalana, ngajalankeun tugasna teh moal bari nguruskeun sual-sual anu henteu patali jeung tugasna.
Olahragawan moal jadi juara lamun henteu tunduk kana katangtuanana.
Patani kakara bisa ngala hasil tanina lamun enggeus banting tulang.
Lenyepan ieu omongan bapa, engke ku kersaning Gusti ku hidep bakal kaharti.
Ingetkeun eusi Injil Kasalametan anu diwurukkeun ku bapa teh, nya eta: Yesus Kristus turunan Daud geus gugah tina pupus-Na.
Ku sabab ngawurukkeun eta Injil Kasalametan, bapa nepi ka jadi sangsara, malah dirante kawas penjahat. Tapi sabda Allah mah moal beunang dirante,
sarta nya eta sababna nu matak bapa tabah nadah sagala cocoba, keur kapentingan jalma-jalma anu geus dipilih ku Allah, supaya maranehna ge mareunang kasalametan ti Yesus Kristus, supaya baragja salalanggengna.
Bener sakumaha ieu pitutur: "Anu milu paeh ka Anjeunna, bakal milu hirup jeung Anjeunna.
Mun urang kuat nandangan, bakal milu jeung Anjeunna ngarajaan. Lamun urang ka Anjeunna nolak, urang ge ku Anjeunna bakal ditolak.
Mun urang henteu satia, Anjeunna mah tetep satia. Sabab Anjeunna teu iasa ngabobodo salira-Na ku anjeun."
Ingetkeun jalma-jalma kana hal ieu, geuing di payuneun Allah yen ulah sok parebut omong perkara sabda, taya hadena, ngan matak bingung ngadengena.
Hidep sing sakedah polah sangkan kaanggo ku Allah, jadi pagawe anu teu era ngemban parentah Mantenna, jeung bener ngajarkeunana amanat kayaktian Allah.
Singkiran sual jawab gejul jeung teu pantes kadengena, anu temahna ngajauhkeun jalma-jalma ti Allah.
Aya duaan anu kitu pangajaranana, Himenius jeung Piletus. Pangajaran kitu lir bohak nu geus buruk dina daging.
Eta nu duaan geus ingkar tina kayaktian. Ceuk maranehna hudangna manusa tina maot teh geus kajadian, nepi ka matak marudah iman jalma-jalma anu geus palercaya ka Allah.
Tapi dadasar anu diadegkeun ku Allah teh weweg moal beunang kaoyag-oyag. Dina eta pademen aya kalimah kieu: "Pangeran uninga ka umat kagungana-Na." Jeung: "Nu ngaku jadi umat Pangeran kudu eureun migawe kasalahan."
Di hiji imah gede aya rupa-rupa piring jeung mangkok. Aya nu tina perak jeung emas, aya nu tina kayu jeung taneuh. Aya nu pakeeun dina pesta, aya nu pakeeun sapopoe.
Jalma anu beresih tina kajahatan bakal dipake pikeun pagawean anu penting, husus keur Gustina baris dianggo ngajalankeun pagawean-pagawean mulya.
Hidep ulah nurutkeun perbawa kangoraan. Hirup teh pake ibadah, percaya ka Allah, nyaahan, tiis pikiran, barengan dulur-dulur nu aralus hate, anu ngarepna pitulung ka Gusti.
Ulah daek diajak padu sual-sual anu mahiwal jeung taya pulunganeunana. Ku hidep bisa kajudi kikituan teh tungtungna pasea.
Abdina Gusti mah ulah pasea, ka itu ka ieu kudu someah, ngajar kudu bageur jeung sabar.
Mun menerkeun kasalahan lawan kudu leuleuy, sugan bae lawan teh ku Allah dikersakeun tobat daek narima kayaktian,
lilir pikirna, leupas tina cangkereman Iblis anu maksa sangkan korbanna nurut kana parentahna.